Syi’iran dalam bahasa Sunda yang biasa dinyanyikan oleh para pencari ilmu (santri) untuk memahami tauhid.
بِسْمِ اللهِ الرَّحْمنِ الرَّحِيْمِ
Bismillâĥirrohmânirrohîm
اَللّهُمَّ صَلِّ عَلى سَيِّدِنَا مُحَمَّدٍ اَللّهُمَّ صَلِّ عَلَيْهِ وَسَلِّمْ
Allôĥumma Sholli Âlâ Sayyidinâ Muhammad, Allôĥumma Sholli Âlâyĥi wa Sallim
1
Awwalu waajibin ‘alal insaani
Ma’rifatul Ilaahi Bistiqooni
Pangheulana anu wajib ka manusa
Ma’rifat ka Alloh nu Maha Kawasa
2
Ari syarat ma’rifat opat kabehna
Hiji idrok jazim dina i’tiqodna
Bihaitsu laisa ma’ahu taroddudun
Dua taya owah gingsir parobahan
3
Muwafiq lima fil waqi’ katiluna
Patekadan anu akur jeung buktina
Sanajan tekad jazim ka Gusti Alloh
Tapi lamun nyalahan nyipatan Alloh
4
Maka tekad kitu mah tacan ma’rifat
Sabab nyipatan ka Alloh masih lepat
Nasyi-un an dalilin nu kaopatna
Patekadan nu tumbuh dina dalilna
5
Patekadan anu akur jeung buktina
Eta taqlid pedah teu bisa dalilna
Iman taqlid eta sah tapi ma’siyat
Lamun mampu nguteuk kajaba nu belet
6
Lamun taqlid kusabab belet otakna
Dihampura lebah teu timu dalilna
Tapi pikeun jalma nu mampu nguteukna
Dosa lamun teu ngusahakeun dalilna
7
Ari nu kudu dima’rifatkeunana
Nyaeta sifat di Alloh jeung rosul-Na
Nu kumpul dina Laa Ilaaha Illalloh
Muhammadun Abduhu wa Rosuluh
8
Nu wajib nu mustahil nu wenangna
Jeung ma’rifat kana wartos ti rosulna
Nu kumpul dina aqidah sam’iyyat na
Sadayana ngeunaan alam ghoibna
9
Jeung sadaya anu wajibul wujudna
Nu muqoyyad dina Qur’an tah dalilna
Kaya ‘arsy, kursi, qolam, lohmahfudzna
Tah kabeh wajib dima’rifatkeunana
10
Wajib ieu nyaeta wajib ceuk syar’an
Digannjar keur jalma anu ngalakonan
Disiksa keur jalma nu leukeun ninggalkeun
Pek regepkeun kade tong kapopohokeun
11
Tekad jazim teu mupakat jeung buktina
Patekadan nu kitu teu sah iman na
Sabab kitu kade masing ati-ati
Kana milari elmu masing gumati
12
Saba’da ma’rifat wajib tashdiq na
Nu syaratna idzdzi’an sareng qobulna
Ari idzdzi’an teh nyaeta ngakuna
Suka sareng rido ka Alloh robbuna
13
Jeung ngaku yen Muhammad teh Rosululloh
Aminah ibuna ramana Abdulloh
Anu dibabarkeuna di kota Mekah
Kaping dua belas dina taun gajah
14
Ari mu’minin mu’minat eta dulur
Sa-agama Islam sadayana dulur
Sabab kitu kade ulah rek cul laur
Kedah silih elingan papada dulur
15
Ari qobul eta narima ajaran
Ajaran Qur’an sareng sunah Jungjunan
Teu bade nolak kana eta ajaran
Najan diri tacan bisa ngalakonan
16
Sareng rido ngama’mum na kana Qur’an
Sareng agama Islam eta cepengan
Lamun teu ngaku eta tacan idzdzi’an
Tacan qobul nu nampik kana ajaran